*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Sisihkeun waktu pikeun babarengan jeung salaki/papamjikan anjeun sabab salah sahiji bakal mulang leuwih ti heula sarta nu masih hirup bakal mampuh neundeun panineungan anu éndah.
*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Bakal datang mangsana rék leumpang kana panto ogé ripuh, meungpeung masih kénéh mampuh prak jalan-jalan ka sawatara tempat keur nyawang lingkungan kaagungan Allah swt. Keur muji kaéndahan ciptaanaNa.
*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Ulah ngariripuh manéh mikiran barudak kalawan kaleuleuwihi. Maranéhanana mampuh usaha sorangan. Tangtukeun mah anjeun geus teu boga hutang saméméh maot supaya maranehna henteu nanggung beungbeurat nu ditinggalkeun anjeun.
*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Nyisihkeun waktu babarengan jeung babaturan heubeul sabab lolongkrang pikeun babarengan beuki ngurangan ti mangsa ka mangsa.
*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Tarimakeun panyakit nu nimpa. Sabab kabéh ogé sarua, boh beunghar atawa miskin bakal ngaliwatan kaayaan nu sarua nyaéta: lahir, orok, budak, déwasa, kolot, gering & maot.
_*Peupeujeuh:*_
_"Téangan babaturan nu siga kaca, urang gumbira manéhnaa gumbira, urang sedih manéhna milu sedih."_
Wilujeng ngalakonan mangsa kolot kalawan kabagjaan .. pamugi manfa'at
Tidak ada komentar:
Posting Komentar