Rabu, 05 Februari 2020

Mun Geus Kolot

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Sisihkeun waktu pikeun babarengan jeung salaki/papamjikan anjeun sabab salah sahiji bakal mulang leuwih ti heula sarta nu masih hirup bakal mampuh neundeun panineungan anu éndah.

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Bakal datang mangsana rék leumpang kana panto ogé ripuh, meungpeung masih kénéh mampuh prak jalan-jalan ka sawatara tempat keur nyawang lingkungan kaagungan Allah swt. Keur muji kaéndahan ciptaanaNa. 

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Ulah ngariripuh manéh mikiran barudak kalawan kaleuleuwihi.  Maranéhanana mampuh usaha sorangan. Tangtukeun mah anjeun geus teu boga hutang saméméh maot supaya maranehna henteu nanggung beungbeurat nu ditinggalkeun anjeun. 

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Nyisihkeun waktu babarengan jeung babaturan heubeul sabab lolongkrang pikeun babarengan beuki ngurangan ti mangsa ka mangsa.

*LAMUN URANG GEUS KOLOT.*
Tarimakeun panyakit nu nimpa. Sabab kabéh ogé sarua, boh beunghar atawa miskin bakal ngaliwatan kaayaan nu sarua nyaéta: lahir, orok, budak, déwasa, kolot, gering & maot. 

_*Peupeujeuh:*_
_"Téangan babaturan nu siga kaca, urang gumbira manéhnaa gumbira, urang sedih manéhna milu sedih."_

Wilujeng ngalakonan mangsa kolot kalawan kabagjaan .. pamugi manfa'at

Tidak ada komentar:

Posting Komentar