Selasa, 12 September 2017

GUYON SUNDA

Kang Aceng boga niat hayang nyandung...
Mun bebeja langsung ka pamajikana sacara blak2 an sieun ngambek jeung teu ngidinan, jadina nulis sajak weh ka pamajikan na, kieu sajakna teh !!

Mamah sayang, beubeulahan hate apa...
Upami Mamah lir ibarat bumi, nya apa panonpoe na anu nyaangan unggal waktu...
apa nu salawasna nyorotkeun cahaya...
Nyaangan bumi...
Tapi apa perlu nyebutkeun, yen Gusti Alloh teh teu nyiptakeun bumi wungkul, tapi jeung planet-planet nu sejenna...
Eta planet teh sami, pada-pada perlu kasinaran...
Jadi ... Mamah sing rela upami apa boga maksud hayang nyinaran planet nu sejenna...
Kanyataan kitu teh mangrupa kodrat, nu kudu ditarimakeun ku Mamah ... 😍😍

Sa eunggeus maca eta sajak, gutrut Neng Eem ngajawab ku sajak deui....

apa.... panutan Mamah upami apa leres panonpoe anu salamina nyaangan ka bumi sareng ka sakurilingna kalawan adil ...
Mamah rela cahaya apa di sumorotkeun ka planet nu sanesna ...
Tapi Mamah apal, gagaduhan apa mah apan sanes panonpoe... mung saukur LILIN PONDOK, anu nyaangan kamar urang oge kakalicesan, lir bohlam 5 watt ...
Nu kadang cahayana nepi kadang henteu ...
Janten ... upami apa rumasa gaduh LILIN PONDOK, ulah nyoba-nyoba hayang nyandung ..., bisi di ragaji siah KU AING! dibeakeun nepi katungtung na!!! Kahartiii ???
Sok pikiran tah ... AING rek ka cai heula...!!!
🚶‍♀💨😀😄😃😜

Tidak ada komentar:

Posting Komentar