Minggu, 30 Juli 2017

NU GÈLO ADZAN

NU GÈLO ADZAN

Aya nu gélo asup ka masjid tabuh 7 isuk2...terus naék ka paimbaran... nyokot mik.. teu lila ngong wé adzan...atuh matak kagét nu ngadéngé... burudul wé ti budak nepi ka kolot ibu2...datang ngajugjug ka masjid...nepi pa RT-na ogé datang...

RT : "Saha nu di jero masjid... buru kaluar... sugan gélo adzan wayah kieu.."

Nu gélo : "Kuring ......émang aya naon kitu ?.

RT : "Ari sia cageur... maké adzan wayah kieu... buru kaluar...ngérakeun siah...

Nu gélo : "Haar...ari silaing...sialing nu gélo mah... lain aing" ....

Beuki ambek tah RT ...
RT : "Naha bet aing nu gélo..."

Nu gélo : "Nya heueuh... kabéh tah nu daratang garélo..."  

Kabéh nu hadir kareuheul...

RT : "Emang gélo kumaha kitu...??"

Nu gélo : "Sok pikiran wé ku silaing... ari tadi tabuh 4 adzan subuh... nu kuduna daratang...euweuh nu daratang saurang-urang acan ka masjid...ari ayeuna uing adzan kabéh rabul daratang ka masjid.... jadi saha sok nu gélo téh... pikir ku silaing..."

RT jeung jelema anu daratang cing haruleng...ngarasa bener omongan nu gélo....... bari baralik rada era...

Ari ieu anu   maca  kaasup nugelo   teu.

Naha tadi subuh teu ka Masjid ?

                
😂😂😂😂😂😂😂

Tidak ada komentar:

Posting Komentar